Translate

Minggu, 25 April 2021

TERAPI HATI

Tanjakan jeung pudunan ge eta-eta keneh tempatna mah,tergantung urang timana datangna.
Kahirupan ge cigana teu jauh beda,ceuk urang meureun musibah teh boa ceuk batur mah berekah,ceuk urang meureun kasusah teh,boa ceuk batur mah kabungah.

Ulah leutik hate,sanajan cobaan jeung godaan datang gantian ulah di jadikeun halangan,ulah di jadikeun alasan,urang kudu lewih ngadeketkeun diri ka nu Maha Suci da rezeki mah moal pahili.
Di dunya ngan saukur ngumbara
Naon salahna atuh saling hampura da hirup teh moal lana
Poma ulah ngarasa jumawa da sadayana ge kagungan gusti nu Maha Kawasa.

Kumpulkeun kahadean,piceunan kagorengan,da dina jero kubur mah moal bisa komenan.
Lobakeun ngaji,lengitkeun iri dengki,da dina naraka mah moal bisa selfie.
Takabur nu mawa hancur,balaga nu matak sangsara,awak bobolokot pinuh ku dosa,banda mah ngan saukur tatalang raga.! 
Cing atuh pangersa manawi aya,pasihan abdi namut 200 juta peryogi kanggo meser avanza.!

Hatur nuhun sateuacana.!!!


Minggu, 19 Juli 2020

BERSYUKURLAH

Bersyukurlah...! jika waktu tidurmu masih 6 jam,jika pagimu masih bisa menikmati secangkir kopi dengan santai
Bersyukurlah..! Jika masih bisa menghabiskan sarapanmu dengan tenang,jika makan siangmu tidak di kejar waktu.
Bersyukurlah..! Jika sholatmu masih bisa berjamaah,dan bersyukurlah jika makan malammu tidak perlu menunggu waktu.
Yang terjadi di sini dengan aing adalah sebaliknya.!
Kadang lamun hate aing keur emosi sok balelol "KENAPA  YA NEANGAN DUIT ITU HARUS SEANJING INI"
Ari di gawe kudu pok-pek,ari dahareun sa aya-aya,isuk lamun waktu sarapan sok karah bingung,kudu ngadahar naon da sidik jelas atuh eweuh dahareun,lamun makan siang sok karah sedih aingah...! Lamun makan malam apalagi,anying lain lapar lalaparan aing gawe di dieu mah.!
Lamun mah bisa barang beli ka warung nya moal kieu2 teuing meren,ieu mah pan rek balanja ka luar ulah tapi hahakaneun di pirit.
Lamun mah eweuh nu ngaran indomie,ah aingah tinggal tulang cigana 2 taun teh,eta ge menang nitip bari hese rek pang melikeuna teh.
isuk sarapan indomie,makan siang laukna indomie,makan malam geus indomie wae,Hahhh.. pi anyingeun pisanlah pokona mah.
Matakna Hey.."NGIRIT MAH KUDU KEUR BOGA DUIT,DA ARI GEUS SAEUTIK MAH PERCUMA"
Kudu inget keur ngala na,anyir kesang sa awak-awak,mana kurang molor,kalaparan,di sentakan deuih.
Di saat urang keur boga duit mah "LOBA DULUR LOBA BATUR" tapi lamun urang teu boga duit,Anyiiing...! Kabeh ge bakal mabur.!