Translate

Selasa, 27 Oktober 2015

LAIN DI BIBIR LAIN DI HATI

Jika aku adalah kemenangan,maka kamu adalah hadiahnya.
Inget nya.! "HADIAHNYA" bukan pialanya.! karena kalau kamu pialanya,bisi piala bergilir.! Riweuh atuh ka aingna.
Dan jika aku adalah kekalahan,maka aku pastikan bukan kamu yang menjadi penyebabnya.!
Jika kamu adalah gagang panto,maka aku akan molongo.! Hihh najis ajig gagang panto mah pada nyabak ketang.!
Dan jika kamu adalah hulu mobil kontainer,maka aku adalah hulu gerbong kereta api.! Tabrakan Yu...

Tulisan alay yang ekspektasinya tidak sama dengan realita nu kitu teh.!

Aing tadi isuk beres ti pasar,di titah meli semen ku Bos,jeung kunaon deuih nu biasana toko langganan ge eweuh jalma nateh,atuh kapaksa ka nu sabelah.
Dengan kaleumnya aing ngomong ka orang Pakistan.

"Bay Semen asrah kis"!

"Bas asrah" ceu pakistani teh.

Teu loba carita langsung weh di muat.!
Ari tos beres muat ceuk aing teh bari nutup panto tukang.

"Sawi paturah Bay"

"Mafi muskil" jawab pakistan.!

Eta pakistan leos ka jero dek nyieun invoice mereun,ari aing Nyekeskeun mobil,jius weh indit.!
Kira-kira aya mereun dua kilometer mah aing lempang teh,di tukangeun jol aya mobil Hilux butut terus ngelaksonan bari ngiceup-ngiceup lampu.! Ceuk hate aing "aya naon yeuh,sok tah udag aing ari kuat mah"!!  Di tingali dinu spion ku aing,bewokan euy sopirna teh.!
Pikiran teh piributeun ieu mah, tapi PADULI TEUING ceuk hate aing.!
Ahirna kalah juga aing dinu rame mah,rada hese ajig lah mobil truk mah sulap-salipna.!
"Ya harami" teriakna eta jalma.
"Naon aisia goblog" ceuk aing teh bari muka kaca.!
Tapi aing asa inget kana bengeut eta teh.! Sejenak aing mengingatnya,pas inget aing langsung minggirkeun mobil,reug eureun hareupeun aing eta mobil teh,langsung turun tina mobil eta sopirna,jangkung badag anjir bengeut anu nafsu,nyamperkeun ka aing bari ngajinjing peureup sagede ucing nundutan.! Hahhh.. Aing cuma bisa tangah.! Njir nyorocos ngomongna teh, ciga ban nu di buka pentilna.!
Da memang dasarna aing nu salah,aing menta hampurana ge bebeakan ka si jangkung badag bari bewokan teh .!
Pantesan aing di uber terus.!
Poho anjir..eta semen can di bayar ku aing teh.!
Beres di bayar,ngaleos aing teh barijeung teu kuat hayang seuri.!
Kitu tah hiburan jomblo mah.
"POHO" itu membahayakan tapi bisa membahagiakan buat aingah.

Dulu pernah aya lagu yang lumayan booming,judulna teh "karena wanita ingin di mengerti"
Terlalu men gender kan manusia ceuk aing eta mah.! Kesannya laki-laki itu bolonyos tidak punya perasaan,padahal mah sarua lalaki ge butuh pengertian.! Bisi teu percaya mah yeuh ieu aing buktosna.
Aya deui kata seorang motivator ternama "HANYA COWOK KERE YANG BILANG CEWEK ITU MATRE" atuh pan efekna buat laki-laki yang teu boga duit mah(ciga aing) matak nga down,leuleus,lungse hese bade ngalengkah ge.
Padahal mah ulah bingung mens,lamun aya cewek nu ngomong kitu tinggal balikeun we ku anda ka eta bikang "HANYA CEWEK MATRE YANG BILANG COWOK ITU KERE" di jamin lah moal nanya deui.!
Tapi menurut survey mah yang biasa ngomong kararitu teh aya na di ujung relationship atau sudah end.
Pan cenah ari cinta mah ONE HEART.!
One nu sok TP pulsa,one nu sok traktir jajan,one nu sok transfer money,one nu bisa menghangatkan di saat kedinginan.! Rujit sekali yah ciga kitu mah.
Mantakna bener kata temen aing.!
"Kalo Lo pengen tenang punya pasangan,sono Lo nikahin tiang listrik,gak bakalan ada yang godain"
Aing ngahuleung di kitukeun mah.! Jeung na deui saha nu daek ngagoda tihang listrik mah,kecuali nu gelo mereun.!
Tapi ku aing di pikir deui,jadi maksudna temen aing teh "selama masih ada rasa cinta mah moal bisa merasa tenang" pasti wae aya rasa cemburu,karena takut kehilangan.
Padahal mah yang paling nyentug kana hate itu "KETIKA APA YANG KAU TAKUTKAN MENJADI KENYATAAN" contohnya aing yeuh ngabatin geus setengah abad ge teu daek cageur.!

Gak ada yang harus di ingatkan & gak ada yang harus di lupakan..
Sabarkeun we ku aingah.! masalah nyeri hate mah nanti juga bakal bubar sendiri.!
Teu kudu bersedih,teu kudu pura-pura bahagia,da hirup mah lain drama tapi realita,kadang boga duit tapi teu boga rokok,kadang boga rokok tapi teu boga kabogoh,kadang boga ka bogoh tapi teu boga motor,ari geus boga motorna karahkeun putus deuih jeung kabogoh teh.! Hhhhh..Huis Hatta Rajasa mereun lamun kitu mah.! Ripuh lain cabutaneun.

Aing tidak mengatakannya bukan berarti aing tidak merasakannya,lamun perut kenyang heg langsung nyetir,jalan kosong bari lempeung satungtung deuleu,tunduh pan karaosna teh.! Tah hirup ge kitu lamun teu aya tantangan & rintangan mah.! Teu cenghar.
Bersyukur adalah cara terindah untuk mendapatkan blessing in disguise
Matak Allah mengatakan dina surat Ar-Rahman "Maka Nikmat Tuhan kamu yang manakah yang kamu dustakan"  di ulang sampai tigu puluh satu kali pan,supaya kita pandai mensyukuri segala nikmat yang Tuhan beri.
Hidup adalah sebuah peluang,jadi jangan di sia-siakan.
Tapi inget guys aing lain so alim ataupun so pintar tapi aing hanya ingin saling mengingatkan.
Bersyukur itu bukan hanya mengucapkan Alhamdulillah,tapi menjalankan perintah-Nya dan menjauhi larangan-Nya,inti na mah kitu.
Allah itu Maha Penyayang.! Loba mere bonus Lurrrr...!
Shalat wae ge lamun sorangan mah (munfarid) ngan ukur satu darajah (1 poin) kitu ge lamun bener baca fatihah.! Sehari cuma dapat lima poin,tapi lamun berjamaah pan dua puluh tujuh darajah (27 poin) di kalikan sehari lima kali shalat (27×5=135 poin) bonus na ge 130 poin/hari.! Percaya pan Allah itu Maha Rahman.
Ari mere ka kolot sok itungan sia mah,ari nu kieu tara di itung.!Hhhhh...

I'am sorry,aing mah lain da,i lain santri,cuma seorang TKI yang ingin mencintai & di cintai sepenuh hati & tak ingin di hianati.! Good day teu boga kopi.!

Minggu, 11 Oktober 2015

SOSMED LOVE IS THE PODOL ANGSA

Mungkin aing telah kehilangan beberapa kesempatan,tapi aing takkan pernah kehilangan spirit untuk tetap optimis meraih mimpi.
Setidaknya aing harus mencoba,agar bahagia akan tercipta & ketenangan bisa terasa.
Kadang aing terlalu fokus apa yang ingin di lakukan di masa depan,hingga aing lupa yang akan di petik di masa depan itu,apa yang di tanam di hari ini....anjir aing jadi melankolis begini yah...! (Efek ngabatin terlalu lama kitu ieu teh)

Lain ari pacaran di sosmed kumaha endahna jeung kumaha cara na? Biar goreng patut begini juga(matak jomblo ge) aing mah asa teu ka hartos.! Logika aing teu narima sumpahna ge,apa aingna kirang gahol kitu.?
Lihat DP,follow,DM,menta PIN BB or cellphon number,terus bisa jatuh cinta kitu..? Tidak bisa aingah kitu teh.!
Lamun dina FB mah langsung berubah gening statusna teh,yang asalnya HTS ge jadi berpacaran,dua hari kemudian bertunangan....next week langsung nikah.! Ni gampang kitu nya (gampang ngabohongna maksud teh)
Terus ganti DP kalo cewek ku poto cowok na,atau sebaliknya.! Atawa gening ku poto nu hasil editan tea,di rendengkeun.! Hahah...aslina aing sok hayang komen "SIA BELI HP NA PATUNGAN YAH"
Terus sok make nama tambahan "CAYANK" apalah,kitu pan..?
Tapi yang paling miris mah,ngirim kana wall cewekna teh "Punten cyng nembe di balas,aa na nuju teu gaduh pulsa" anjir aisia buat beli pulsa wae ge hese,kumaha mau neraktir kalo ketemuan atuh.!
Tapi asa weuh bejana nu cerai dinu FB mah,padahal aing lagi waiting kabar eta teh,hayang randa pesbuk nyaana ge.:-D
Update status teh kieu pan orang nu pacaran di dumay mah.
"MAKIN CAYANG SAMA YANG PUNYA AKUN INI"
atau begini....
"SEMAKIN WAKTU BERLALU,SEMAKIN AKU TAKUT KEHILANGANMU"
Langsung make hashtag "BAJAK" (#bajak)
Aing sok hayang nanya "bajak naon aisia"? "Bajak laut,apa bajak sawah"? Lamun bajak sawah mah berarti? Oh..lagi ngagaru meren.
Ada juga yang langsung di tag pacarna teh.! Biar nyetrum kitu.?

Itulah kehidupan,kadang sok teu kaharti ku aingah!

Tapi aing juga pernah tiap isuk teh sok aya nu ngirim surat
"good morning,dah sarapan belum"
ceuk hate aing naon faedahna nanya kitu ka aing,da lamun ku aing di jawab belum sarapan juga,pasti da moal mere breakfast sia teh moal..cantik-cantik tawar gatra sia mah,haram alaik.!
Aing ge teu munafik anyar-anyar ieu sok kirim-kiriman surat dina FB,chatting biasa aingah tara nu aneh-aneh.! Eh dua hari yang lalu jadi kasar omongan na teh.!
"Ternyata di balik akun seorang cewek yang sweet itu,aya laki-laki ganteng yang goreng adat tapi teu bogaeun duit".! Mantan jalunya nu ngabalasna goblog teh.!
Namanya juga lagi di mabuk cinta meren,apapun akan di lakukan.! E mail & password juga di bikeun,tapi duka ari kehormatan mah.! Jeung ku naon atuh teu di ganti ceuk aingah eta passwordna kalo sudah END mah.
Da aing nyaho na eta cewek teh tidak berjalu,da manehna sok curhat ka aing,jadi setiap manehna nyuratan teh,nya ku aing pasti di balas atuh.!..Hampura we Mang da aing teu nyaho ente sok log in keneh dinu akun eta.

Kata rider mah"cinta itu ibarat MotoGP" aya START (jadian),aya FINISH (putus atau nikah),di tengah balapan pasti loba nu nikung,apalagi di lap terakhir.! Tapi si eta cigana belum nyaho cerita cinta setelah nikah.! Lo pikir kalau udeh nikah beres gitu perjuangan Lo.? Acan goblog sia teh! Masih banyak Rossi-Rossi yang lainnya di belakang anda,yang siap nikung pasangan sia.
Pan sering nya kalo kita ke kondangan itu ngucapin congrat nya "SELAMAT MENEMPUH HIDUP BARU" piraku teu kaharti da eta teh lain bahasa Nigeria.! Restart deui eta kehidupan teh,nyaho...!
Yah..jadi hayang mesan surat undangan aingah lamun nyaritakeun nu kitu teh! Heupppp ah.!

Tapi sok aya nya orang teh yang baru patah hati,terus ngomongna teh "udah ko,aku udah bisa ngelupain dia"
Aing mah sok langsung hayang memeluk erat tubuhnya,lalu ngaharewos kana ceuli na "KAMU LAGI NGAWADUL YAH".!!!
Buat aing mah move on itu tidak semudah nguceskeun puntung roko kana asbak,butuh waktu yangggg.......ahhhh aing juga tidak nyaho.! Hese tapi Insya Allah bisa.!
Karena aing selalu yakin apapun yang terjadi pasti ada hikmahnya,sabar bari jeung ikhtiar,Insya Allah aya jalan keluar.!!!
Ngan ari hirup mah ceuk aing jangan ngalobakeun gaya guys! Bisi ciga Mourinho,kan jadi mati gaya ayena teh.!! Terkapar di posisi 16,dua strip di atas zona merah...! Hahay...CHELSEA.!
Lobakeun mah ibadah,jeung lobakeun mah duit,biar bahagiana dunia & akhirat,karena di balik dompet yang sehat terdapat cinta yang kuat.! Kira-kira begitu meren.

Menurut aing....
Tidak harus cantik untuk menjadi yang terbaik & tidak harus tampan untuk menjadi yang terdepan...da sarua kalo masuk ke mesjid mah,nyeker sarerea ge.!
Ada saatnya kita harus bicara agar dapat di dengar & ada saatnya kita harus mendengar agar dapat memahami.! Calm keun & strongkeun da hirup mah tidak selamanya ceudeum.! Ok.