Translate

Minggu, 25 April 2021

TERAPI HATI

Tanjakan jeung pudunan ge eta-eta keneh tempatna mah,tergantung urang timana datangna.
Kahirupan ge cigana teu jauh beda,ceuk urang meureun musibah teh boa ceuk batur mah berekah,ceuk urang meureun kasusah teh,boa ceuk batur mah kabungah.

Ulah leutik hate,sanajan cobaan jeung godaan datang gantian ulah di jadikeun halangan,ulah di jadikeun alasan,urang kudu lewih ngadeketkeun diri ka nu Maha Suci da rezeki mah moal pahili.
Di dunya ngan saukur ngumbara
Naon salahna atuh saling hampura da hirup teh moal lana
Poma ulah ngarasa jumawa da sadayana ge kagungan gusti nu Maha Kawasa.

Kumpulkeun kahadean,piceunan kagorengan,da dina jero kubur mah moal bisa komenan.
Lobakeun ngaji,lengitkeun iri dengki,da dina naraka mah moal bisa selfie.
Takabur nu mawa hancur,balaga nu matak sangsara,awak bobolokot pinuh ku dosa,banda mah ngan saukur tatalang raga.! 
Cing atuh pangersa manawi aya,pasihan abdi namut 200 juta peryogi kanggo meser avanza.!

Hatur nuhun sateuacana.!!!